Mupu Kembang Tanjung Ku Asri Nurdiyanti

iklan layanan masyarakat

Pajar mun aya gagak eunteup dina suhunan téh pertanda bakal aya mamala. Cénah mun
incuing disada bakal aya nu maot. Moal bakal kajadian, sabab ceuk kuring mah kabéhanana ukur
kapercayaan baheula. Teu pati percaya ka nu kitu, nu matak aya sora incuing disada gé teu pati
teuing dihaminan. Sabab paéh hirupna manusa mah urusan nu Maha Kawasa, lain ditangtukeun
ku nu kararitu.
Kuring anteng neuteup pamajikan nu keur ngalungsar dina kasur. Karék tadi balik téh,
lantaran ditelepon ku Ambu, cénah pamajikan gering deui. Kasakit lambungna kambuh, ngan asa
beuki parna. Ayeuna mah daharna gé ukur asup nu hararipu wungkul. Can kungsi dibawa ka
rumah sakit mah, ngan ai rujukanana mah geus aya. Lain ku masalah waragad deuih, mungguh
kapan pamajikan mah keukeuh embung dibawa, hayang diubaran di imah waé. Kajeun teuing
dokterna nu datang ka imah. Nu sok ngarawatannana mah Ambu wé da mitoha mah kapan geus
taya dikieuna.
Asa sono pisan ka pamajikan, cék haté teh. Sono kana imutna nu marahmay unggal kuring
datang. Sono kana galécokna. Pameunteuna ku kuring di teuteup jero pisan. Imutna nu kereueut
téh nyésa kénéh dina pameunteuna nu bodas pias. Sakapeung awakna sok nguliat, tuluy
murungkut deui. Leungeunna meulit kana beuteung nahan kanyeri. Tuluy ngarahuh, aduh-
aduhan. Najan sorana laun semu haharéwosan, ku kuring angger kadéngé. Panon téh sok tuluy
rambisak mun ningali manéhna ngarahuh téh. Bangun nu milu ngararasakeun nyerina.
Peuting beuki jempling. Kuring teu eureun-eureun neuteup pamajikan. Ras inget mangsa
katukang, basa keur lalagasan kénéh. Pamajikan téh mojang béntang lembur matuh. Geulis teu
nguyang, manis teu nganjuk. Geus kawentar kageulisan manéhna téh, antukna loba jajaka pada
hayang miboga. Keur hahadéan kénéh mah, kuring jeung manehna sok ulin ka pasir kuloneun
lembur, mulung kembang tanjung nu keur meujeuhna ngarandakah. Seungitna sok kaangin-
angin, kabawa ka pilemburan. Nya kembang éta pisan nu jadi saksi tepungna haté kuring jeung
manéhna téh.
Lebah geus jadi pamajikan, kabagjaan téh taya tandingna. Béntang lembur téh éstuning
masagi pisan. Sagala bisa. Nu matak sok sawan mun ditinggalkeun gawé téh. Hariwang
mungguh loba nu mikahayang. Tara lila ditinggalkeun gawé gé, da éta imutna sok ngalangkang
waé. Lamun kuring balik digawé, manéhna sok mapag ku pameunteu nu marahmay manis.
Tandaning asih jatining pati.
Taya alesan pikeun mikiran nu lian. Ceuk babasan téa mah, genah nyandang genah
nyawang. Sagala nu dipikahayang kacumponan ku pamajikan. Loba ari gogoda mah éta ogé.
Kungsi baheula tepung jeung popotongan, na atuh bet kateterusan ngalangkang. Tapi ari ras
inget ka pamajikan mah kalangkangna sok leungit deui. Teungteuingeun pisan lamun kuring
wani ngadua haté téh. Kahirupan kuring asa geus sampurna. Iwal hiji, kuring jeung pamajikan
can kungsi dibéré anugrah boga budak. Tapi ku kuring tara dijieun bangbaluh. Meureun, Nu

Kawasa can méré kapercayaan pikeun perkara éta. Keur anteng ngalamun, manéhna hudang.
Tipepereket nyekelan leungeun.
“Kang, hayu ka pasir,” cenah bari ngaharéwos. Kuring ngarénjag.
“Badé naon, Eulis?” cekéng téh.
“Hoyong kembang tanjung.”
Gusti, na atuh ieu haté téh bet nyeblak. Cimata asa rék bedah saharita. Kolébat, lalakon
éndah mangsa harita ngalangkang sakolépat. Enya, basa manéhna jagjag kénéh.
“Énjing deui wé, nya? Tos wengi ayeuna mah.”
“Ah, énjing mah saha nu terang, milik mah kagungan Nu Maha Kawasa.”
Haté ngarakacak. Inggis ku bisi, rempan ku sugan, sok sieun kajadian. Da éta wé, bet siga
nu rék amitan ngomongna téh. Teu, kuring teu rido mun kudu papisah ayeuna. Teu ikhlas mun
kudu paturay. Mun seug teu ditedunan, tada teuing sediheunana, meureun. Guligah baé, bingung
kumaha nya pilampaheun.
“Ku Akang atuh dipangalakeun, nya Eulis?”
“Ho…Hoyong sasarengan…”
“Muhun, engké pami tos damang, urang ngala sasarengan nya? Ayeuna mah dipangalakeun
heula ku Akang, Eulis antosan di dieu.” Nu humaregung teu burung léah. Manéhna unggeuk,
reup deui peureum.
Seungit kembang tanjung ngahiliwir kabawa angin. Peuting beuki jempling. Sora jangkrik
ngéar beuki atra. Pasir téh karasa jauh pisan. Kuring rénghap ranjug nahan kacapé.
Humarurungna nongtoréng kénéh, bangun nu ngaburu-buru. Sénter disebrot-sebrotkeun lebah
jajalaneun. Gok anjog ka nu dituju. Enya geuning, kembang téh sumedeng ngarandakah.
Kuring diuk handapeun tangkal kadaka di ponclot pasir. Rét ka béh wétan, katingali lembur
léngkob pamatuhan. Éndah katojo cahya bulan. Kuring ngarandeg. Sora bueuk kukueukan lebah
léngkob kiara nu pernahna kuloneun pasir. Sora incuing kadéngé tarik pisan. Rey bulu punduk
asa maruriding. Gebeg! Nu nyikikik lebah tanjung nongtoréng na dédéngéan. Leuh, demit téh
angger wé nyiliwuri, geuning!
Tungtungna mandeg mayong. Rék balik deui, inget ka pamajikan nu keur nungguan. Ari
disampeurkeun, geuning sok kalah mimilu, nu kitu mah! Ah, kétang da kuring téh jelema, nu
darajatna leuwih luhur batan nu kararitu. Naha maké kudu sieun? Kuring ngawani-wani
sorangan. Sanggeus neger-neger manéh, koloyong ka handapeun tanjung. Kembang nu bayatak
handapeunana dipulungan, diasupkeun kana kantong.
“Ngajedog siah, montong ngaganggu aing!” cekéng téh. Srot sénter disebrotkeun ka luhur,
ka lebah régang-régang nu ngémploh ku dangdaunan. Bréh, demit téh témbong nyeurian. Cikikik
seuri deui. Kuring lumpat, notog-notogkeun manéh ka handap. Teu nolih tincakeun, sabab

hayang buru-buru nepi. Ngan karasa aya nu nyanyautan lebah dampal suku, titajong sigana mah.
Sabodo teuing!
Gok ka buruan. Buru-buru asup bari keketeyepan, ngadégdég bakating ku capé. Ongkoh
sieun kanyahoan ku Ambu deuih. Sup ka kamar. Pamajikan mapag ku imut nu kareueut, najan
bari nyangsaya lebah hulu ranjang. Song tanjung nu meunang mulung téh dibikeun. Manéhna
neuteup bangun deudeuh. Sorot socana lir caang bulan, éndah tur béngras. Kuring males neuteup
pameunteuna. Bener, cahayaan. Malah asa beuki geulis waé.
“Parantos sugema, ayeuna mah nya?” ceuk kuring bari ngagaléntoran pamajikan.
“Muhun, hatur nuhun.”
“Mugia énggal damang, geulis.”
Pamajikan neuteup seukeut. Na kongkolakna kaciri aya nu ngeyembeng. Manéhna
nangkeup geugeut. Leungeunna nyantél nyaliksik tonggong, bari kembang tanjungna mah angger
dicekel. Dina lolongkrang haté nu pangjerona, kuring tumanya, na pamajikan téh geuning bet teu
usik-usik? Geuning, teu kadéngé rénghap-rénghapna acan? Gusti, aya naon ieu téh? Ku kuring
digeugeuing, biheung teu éling-éling. Cipanon geus murubut maseuhan pipi. Kuring
ngagorowok, ngajerit maratan langit.
“Jang! Ujang!”
Hawar-hawar kadéngé sora nu ngageroan ngaran. Kuring ngarénjag. Geus sampak loba
jelema. Pada colohok neuteup kuring. Rét ka sakuriling. Ambu tuluy ngasongkeun gelas eusi
ciherang, pameunteuna bangun nu nyangkem kahariwang.
"Ambu, Nyi Aminah mana?" ceuk kuring banget panasaran.
Ambu ngeluk tungkul, nyusutan cipanon nu ragrag dina pipina. Nu séjén gé sarua pada
tarungkul. Jempling saheulaanan mah. Taya nu nyoara, taya nu lemék saurang-urang acan.
"Kapan parantos pupus wengi kamari…" pokna semu ngaharéwos.
Teg, asa didudut jajantung. Incuing ngahariring na dahan caringin. Seungit kembang
tanjung ngahiliwir kénéh.

iklan layanan masyarakat